18 Maret 2016

Lirik Duriat Darso

Darso - Duriat

Dina hate kuring,
anjeun cicing
Dina hate anjeun,
kuring cicing
Bener-bener henteu
bisa ngejat
Dibeungkeut ku tali duriat

Sanajan loba nudaratang
Pating kuriling
neangan lawang
Pating kaletrok
kana panto hate
Tapi ku urang
teu dipalire

Duriat teu bisa
digantian ku rupa
Duriat teu bisa
dihilian ku harta
Duriat teu bisa
di aya-aya
Duriat datang na
heunteu kapaksa

Dikotretkeun dina hate tidituna
Diguratkeun dina rasa tidituna
Dibuka dibaca ku urang duaan
Dijaga diriksa pinuh rasa kaheman

Tidak ada komentar:

Posting Komentar